KIDUNG DI PANIISAN
Alam neplak taya bates…
Kiwari ngaduh dina jero hate
Tangkal-tangkal alum tungkul, kuciwa
Daunna rontok, kawas cai panon nu teu eureun
Akarna nyuruk, néangan cai… tapi taneuh ngahudang nyeri
Naha alam diruksak kieu…
Gunung-gunung dibeulah ku baja liar
Leuweung digundul, dijieun bungkus duit
Walungan ngaduh, leutak jeung sampah
Lauk-lauk ngapung, teu bisa deui ngojay
Alam panas… ngaduruk ku serakah
Panonpoé ngahiang, teu aya deui nu ngiuhan
Kararas ngajerit,
Kalakay ting koléab, néangan imah nu geus leungit
Akar teu bisa muntang deui
Tanah longsor, ngaguruh nyuruh ka lembah
Peunggas… moal aya harapan lamun kieu terus
Anak incu urang, rek hirup di mana?
Rek dimana?
Dihuru seuneu kaceuceub
Dihuruan ku leungeun nu teu boga asih
Alam téh indung… naha disiksa?
Sora tangisna aya di angin, di hujan, di gunung nu gundul
Heueuh alam… hampura
Kami nu ngaruksak, kami nu ngajerit ayeuna
Mugi sora kidung ieu nepi ka jero batin
Samemeh Paniisan tinggaleun carita…
Tinggaleun tangkal, tinggaleun cai, tinggaleun kahirupan.
Bagea anjeun… Bagea anak Sunda
Kang Dedi Mulyadi Nu nu terus nyoara keur Alam na.
Terjemaah ke Bahasa Indonesia
KIDUNG DI PANIISAN
Alam terbentang tanpa batas…
Kini merintih di dalam hati
Pohon-pohon menunduk lesu, kecewa
Daunnya berguguran, seperti air mata yang tak berhenti
Akarnya terbenam, mencari air… namun tanah membangkitkan nyeri
Mengapa alam dirusak begini…
Gunung-gunung dibelah oleh baja liar
Hutan digunduli, dijadikan bungkus uang
Sungai merintih, lumpur dan sampah
Ikan-ikan terbang, tak bisa lagi berenang
Alam panas… membakar oleh keserakahan
Matahari menghilang, tak ada lagi yang menaungi
Daun kering menjerit,
Ranting-ranting berteriak, mencari rumah yang telah hilang
Akar tak bisa berpegang lagi
Tanah longsor, menggelegar menyapu ke lembah
Terputus… takkan ada harapan jika begini terus
Anak cucu kita, akan hidup di mana?
Akan di mana?
Dibakar api kebencian
Dibakar oleh tangan yang tak punya kasih
Alam adalah ibu… mengapa disiksa?
Suara tangisnya ada di angin, di hujan, di gunung yang gundul
Ya alam… maafkan
Kami yang merusak, kami yang menjerit sekarang
Semoga suara nyanyian ini sampai ke lubuk hati
Sebelum Paniisan tertinggal cerita…
Tertinggal pohon, tertinggal air, tertinggal kehidupan.
Selamat Anda… Selamat anak Sunda
Kang Dedi Mulyadi yang terus bersuara untuk Alamnya.




