Tajug Cinta Syarifah
Bagian Ka 30 TAMAT
Rekaan Wan Kusmiran Dipraja
Sabada rombongan Raka mulang, hawa di imah Cep Barna masih keneh kabawa alum, teu hegar sabiasana. Tapi teu lila ti harita, aya 3 urang datang nuju ka bumi na Cep Barna.
Pak Hadi, Mang Kardi, jeung Hamdan. Leumpang nyalse tapi pasti, malah Mang Kardi mah leumpang bari udud sagala.
Aranjeunna teu datang ku tangan kosong. Tapi estu angkaribung mawa buah, mawa obat, jeung mawa niat hade anu can nembrak. Saolah olah masih disumputkeun.
Bada ngariung di tengah bumi, sabab Cep Barna ngagoler Pak Hadi salam ka Cep Barna
“Assalamu’alaikum… kumaha daramang, Pak Barna?”
Bari jiga kaget Cep Barna langsung malik.
“Waalaikumsalam… Pak Hadi? Mang Kardi? Sareng… Hamdan?”
Lila teu patepang. Pak Hadi mah babaturan ngaji baheula di Tajug. Asa kamari urang babarengan di Tajug. Ngan ayeuna mah jadi juragan di kota. Jadi orang sukses
Nguping kitu Hamdan kaget.
Pak Hadi calik bari seuri katembong kalem.
“Abdi nguping Bapak gering. Abdi prihatin. Oh nya, ieu Hamdan… putra abdi.”
Syarifah nu ti dapur kaluar, langsung kaget.
Jadi… “Pak Hadi teh bapa na Hamdan”?
Hamdan nunduk, sora na geter. Anjeuna ngarasa reuwas. Teu nyangka kecurigaan sewaktu di Jakarta bet nga bukti. Yen Hamdan putra Pak Hadi. Tapi naha salila ieu bet sareng Mang Kardi? Pikiran mun nyalse rek ditanyakeun.
“Punten Bapa… abdi kadieu teh ukur silaturahmi. Abdi… abdi bade neraskeun obrolan anu ku Mang Kardi di dugikeun, ” Pokna.
Suasana jadi hening. Angin ngahiliwir ti jandela asup meuraykeun simpena harita.
“Abdi salah, Abdi nga didik putra Abdi sina prihatin, sina sareng Mang Kardi diajar peurih na hirup, sok komo apan indung Hamdan tos teu aya dikieuna, ”
Sadaya anu aya didinya ngahuleng. Bari ngarenghap narik napas. Sok komo barang jentre Pak Hadi hayang nu jadi anak teu ieuh teuing asa loba dunya sanajan sawah jeung kebon kacida legana.
Cep Barna diem. Panon na ningali ka Pak Hadi.
Pak Hadi ngahuleng saeutik, tuluy seuri
“Kapungkur mah abdi oge di Tajug sareng Bapak ngaji. Ayeuna anak urang nu silih tepang deui di dinya. Jodoh mah teu kamana, Pak.”
Pak Hadi malik ka Cep Barna, bari nyarita deui ka lawan anca.
“Sawios Pa… Eh punten kana inti urang, sawah anu bade dipeser ku Abdi eta kanggo Hamdan. ”
Dina riungan model kitu, Hamdan geus ti bisa cumarita.
“Hampura, Pak Hadi… salami ieu abdi isin nyarita. Abdi ngajual sawah saukur pikeun biaya berobat sareng kuliah Syarifah.”
Pak Hadi nyekel taktak Cep Barna
“Urang babarengan, Pak. Urang mah dulur di Tajug.”
Cep Barna tuluy ningali ka Syarifah jeung Hamdan
“Neng… Dan… lamun kitu, Bapak ngarestuan. Asal anjeun berjuang babarengan. Saling nguatkeun. Saling ngingetkeun karna Allah.”
Syarifah jeung Hamdan langsung sujud syukur.
Sok sanajan jiga era. Tapi ridho Allah jeung ridho kolot leuwih utama.
Hamdan neuteup Syarifah ti jauhna, Aranjeunna teu silih deukeut.
Tapi panon aranjeunna nyarita: “Akhirna, urang di reatuan.”
T A M A T
Terjemahan ke Bahasa Indonesia
Tajug Cinta Syarifah
Bagian Ke-30
Karya Wan Kusmiran Dipraja
Setelah rombongan Raka pulang, suasana di rumah Cep Barna masih saja terasa muram, tidak ceria seperti biasanya. Namun tak lama kemudian, ada 3 orang datang menuju rumah Cep Barna.
Pak Hadi, Mang Kardi, dan Hamdan. Mereka berjalan santai tapi pasti, bahkan Mang Kardi berjalan sambil merokok.
Mereka tidak datang dengan tangan kosong. Namun benar-benar membawa buah-buahan, membawa obat-obatan, dan membawa niat baik yang belum terungkap. Seolah-olah masih disembunyikan.
Setelah berkumpul di tengah rumah, karena Cep Barna terbaring, Pak Hadi memberi salam kepada Cep Barna.
“Assalamu’alaikum… bagaimana kabarnya, Pak Barna?”
Sambil terlihat kaget, Cep Barna langsung menjawab.
“Waalaikumsalam… Pak Hadi? Mang Kardi? Dan… Hamdan?”
Lama tidak bertemu. Pak Hadi adalah teman mengaji dulu di Tajug. Rasanya baru kemarin kita bersama di Tajug. Namun sekarang menjadi juragan di kota. Menjadi orang sukses.
Mendengar itu, Hamdan kaget.
Pak Hadi duduk sambil tersenyum, terlihat tenang.
“Saya dengar Bapak sakit. Saya prihatin. Oh ya, ini Hamdan… putra saya.”
Syarifah yang keluar dari dapur, langsung kaget.
Jadi… “Pak Hadi itu ayahnya Hamdan”?
Hamdan menunduk, suaranya bergetar. Ia merasa terkejut. Tidak menyangka kecurigaan sewaktu di Jakarta terbukti. Bahwa Hamdan adalah putra Pak Hadi. Tapi mengapa selama ini bersama Mang Kardi? Pikirannya jika tenang akan ditanyakan.
“Mohon maaf Bapak… saya ke sini hanya silaturahmi. Saya… saya ingin melanjutkan obrolan yang disampaikan oleh Mang Kardi,” katanya.
Suasana menjadi hening. Angin berhembus dari jendela masuk membelai tirai saat itu.
“Saya salah, saya mendidik putra saya agar prihatin, agar bersama Mang Kardi belajar pahitnya hidup, apalagi ibu Hamdan sudah tidak ada,”
Semua yang ada di sana terdiam. Sambil menghela napas menarik napas. Apalagi setelah Pak Hadi menjelaskan bahwa ia ingin anaknya tidak terlalu berlebihan, meskipun memiliki banyak dunia, walau sawah dan kebun sangat luas.
Cep Barna diam. Matanya memandang ke Pak Hadi.
Pak Hadi terdiam sejenak, lalu tersenyum.
“Dulu saya juga di Tajug bersama Bapak mengaji. Sekarang anak kita yang saling bertemu lagi di sana. Jodoh tidak akan ke mana, Pak.”
Pak Hadi menoleh ke Cep Barna, sambil berbicara lagi kepada lawan bicaranya.
“Tidak apa-apa Pak… Eh mohon maaf ke inti pembicaraan kita, sawah yang akan dibeli oleh saya itu untuk Hamdan.”
Dalam pertemuan seperti itu, Hamdan sudah tidak bisa berkata-kata.
“Maaf, Pak Hadi… selama ini saya malu berbicara. Saya menjual sawah hanya untuk biaya berobat dan kuliah Syarifah.”
Pak Hadi memegang pundak Cep Barna.
“Kita bersama, Pak. Kita ini saudara di Tajug.”
Cep Barna lalu memandang ke Syarifah dan Hamdan.
“Neng… Dan… jika begitu, Bapak merestui. Asal kalian berjuang bersama. Saling menguatkan. Saling mengingatkan karena Allah.”
Syarifah dan Hamdan langsung sujud syukur.
Walaupun terlihat malu. Namun ridho Allah dan ridho orang tua lebih utama.
Hamdan menatap Syarifah dari kejauhan. Mereka tidak saling mendekat.
Namun mata mereka berbicara: “Akhirnya, kita direstui.”
T A M A T






